B. Daerah

Pertanyaan

Pupuh Mijil Nataan Parabot Dapur

Rupa rupa parabot dapur di______
Wadah sangu_______
Paranti nyangu ngaranna______
Paranti dasar nyaeta_____
Ari eta_______
Wadah______tangtu

Pilihan

-piring
-bumi
-poci
-cai
-sééng
-boboko
(pasangkan)

1 Jawaban

  • Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Aya 17 rupa patokan pupuh. Salahsahiji pupuh anu aya nyaeta pupuh Mijil. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Tujuh belas pupuh anu aya dikelompokkeun jadi dua kelompok nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Pupuh Mijil kaasupna kana pupuh Sekar Alit.

    Pembahasan

    Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleuangkuen naggunakeun rupa-rupa tembang. Kusabab kitu pupuh sok disebut oge tembang. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan. Sedengkuen guru lagu nyaeta sora engang tungtung dina unggal padalisan pupuh. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh Mijil nyaeta 10-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i, 6-u. Di handap ieu nyaeta pupuh Mijil "Nataan Parabot Dapur" salengkepna :

    Rupa rupa parabot dapur di bumi

    Wadah sangu boboko (henteu saluyu jeung guru wilanganna)

    Paranti nyangu ngaranna seeng

    Paranti dasar nyaeta piring

    Ari eta poci

    Wadah cai tangtu

    Umpama nilik kana rumpaka pupuh Mijil di luhur, ungkara dina padalisan kadua "wadah sangu boboko" jumlah engangna aya tujuh, padahal dina aturanna guru wilangan jeung guru lagu padalisan kadua nyaeta (6-o). Kukituna ungkara dina padalisan kadua teh kudu dirobah nyaeta saperti jadi "keur sangu boboko", sanajan eta ungkara teh kurang pas, tapi eta ungkara teh jadi saluyu jeung guru wilangan jeung guru lagu padalisan kadua.

    Pelajari lebih lanjut

    • Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
    • Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
    • Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Guguritan

    Bab : 3

    Kode : 8.13.3

    Kata Kunci : Pupuh, pupuh mijil, puisi Sunda

Pertanyaan Lainnya