naon harti babasan kejot borosot
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Harti babasan kejot borosot nyaeta gancang nyokot kaputusan bari henteu di pikir heula. Aya sawatara babasan anu kekecapanana murwakanti, saperti dina babasan kejot borosot, kecap kejot murwakanti jeung kecap borosot. Ku ayana kekecapan anu murwakanti dina babasan, babasan mindeng dijadikeun mamanis basa dina tulisan. Babasan teh mangrupakeun salahsahiji rupa tina pakeman basa.
Pembahasan
Pakeman basa nyaeta kekecapan atawa kalimah anu miboga susunan anu geus maneuh sarta harti anu geus maneuh oge. Anu kaasup kana pakeman basa nyaeta babasan, paribasa, cacandran, pamali jeung kila-kila.
Kusabab kekecapan nu aya dina pakeman basa miboga susunan anu geus maneuh, kekecapan dina babasan teu meunang dirobah-robah. Kitu oge dina ragam basana. Babasan biasa ngagunakeun ragam basa loma, tapi babasan bisa dilarapkeun boh dina ragam basa hormat boh dina ragam basa loma.
Pelajari lebih lanjut
- Arti pakeman basa, jenis dan contohnya brainly.co.id/tugas/1262529
- Pakeman basa jeung kahirupan sapopoe brainly.co.id/tugas/8148532
- Bedana paribasa jeung babasan https://brainly.co.id/tugas/12436631
__________
Detil Jawaban
Kelas : IX
Mapel : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Bab : 3
Kode : 9.13.3
Kata Kunci : Harti babasan kejot borosot